Lompat ke isi

Leonardo da Vinci

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.
Leonardo da Vinci

Léonardo da Vinci (gumelar di Vinci, Propinsi Firenze, Italia, ping 15 April 1452 - maot di Clos Lucé, Perancis, 2 Méi 1519 dina usia 67 taun) nyaéta arsiték, musisi, panulis, pematung, jeung palukis Renaisans Italia.[1] Anjeunna digambarkeun sabagé arketipe "manusa renaisans" jeung sabagé jenius universal.[1]

Léonardo katélah ku lukisanna anu piawai, sapertosJamuan Pamungkas jeung Mona Lisa.[1] Anjeunna ogé dikenal ku sabab ngadésain loba ciptaan anu ngantisipasi teknologi modérn tapi anu jarang dijieun samasa hirupna, sabagé conto ide-idena ngenaan tank jeung mobil anu dituangkanna liwat gambar-gambar dwiwarna.[1] Salian éta, anjeunna ogé ilubiung dina ngamajukeun élmu anatomi, astronomi, jeung teknik sipil nepi ka kuliner.[1]

Ngeunaan da Vinci

Tileutik Da Vinci geus diajar ngalukis jeung Andrea del Verrocchio.[2] Kamampuan ngalukisna bahkan ngaleuwihan sang guru.[2] Taun 1481 Léonardo pindah ka Milan.[2] Hasil karyana anu paling terkenal nyaéta Kuda Sforza anu dikerjakeunnana salila kurang leuwih 11 taun.[2] Da Vinci teu sa ukur ngalukis jeung nyieun patung, tapi ogé nyieun rancangan jalan, walungan, kanal-kanal di kota Milan.[2] Anjeunna ogé terampil ngaulinkeun alat musik.[2] Da Vinci tuluy dibéré pagawéan di kota Milan ku Raja Louis XII jeung Paus Leo X di kota Roma.[2] Anjeunna mantuan Raphael jeung Michaelangelo ngarancang katedral Santo Petrus.[2] Dina kahirupanna Léonardo resep kana élmu pangaweruh.[2] Anjeunna ngamimitian nalungtik manuk hiber jeung ngarancang mesin pikeun hiber.[2] Pamikiranna éta aya dina buku catetanna saloba 7.000 kaca.[2] Dina buku éta ogé aya sketsa ngeunaan studi awak manusa.[2] Dina jaman éta, anatomi awak manusa teu leuwih ti saukur susugannan, sabab saha waé teu meunang ngabedah janazah.[2] Ku kanekatanna susulumputan néangan kasempetan ngabedah awak jelma nu geus maot, nu engkéna tindakan anu teu lazim di jamanna ieu mérékeun kontribusi anu géde piekun dunia kadokteran.[2]

Karya Da Vinci

Lukisan

Sanajan lukisan Da Vinci loba kénéh nu can réngsé, anjeunna tetep saurang seniman anu luar biasa inovatif jeung mangaruhan.[3] Dina taun mimiti, gaya lukisanna di sajajarkeun jeung Verrocchio.[3]

Lukisan The Last Supper

Inovasi gayana malah leuwih jelas dina lukisan The Last Supper (dijueun taun 1495-1497), di mana anjeunna nyiptakeun deui hiji téma tradisional ku cara anu anyar.[3] Dina ieu lukisan, nunjukkeun gabar 12 urang murid sabagé tokoh individu, anu dikelompokeun dina hiji komposisi anu dinamis tina tilu bagéan.[3] Lukisan ieu dijieun dina dinding biara gereja Santa Maria delle Grazie di Milan, Italia.[4]

Tapi ieu lukisan dijieun ku cét minyak anu goréng pikeun lukisan dina dinding nu nyebabkeun lukisan gancang pupul.[4] Sabada sababaraha kali diréstorasi, ahirna dilakukeun réstorasi gedé-gedéan nu ahirna bérés taun 1999.[4]

Lukisan Mona Lisa Karya Da Vinci

Salian ti The Last Supper lukisan nu leuwih terkenal deui nyaéta lukisan Mona Lisa.[5] Lukisan Mona Lisa dikerjakeun kira-kira taun 1503-1506.[6]

Rujukan

  1. a b c d e Gardner, Helen (1970). Art through the Ages. pp. 450–456. 
  2. a b c d e f g h i j k l m n Biografi
  3. a b c d Karya(Diaksés 22-11-2011)
  4. a b c The Last Supper (Diaksés 01-12-2011)
  5. Mona Lisa (Diaksés 02-12-2011)
  6. Sajarah Monalisa (diaksés 02-12-2011)